Bobodoran sunda

Budak Boloho

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."

Anak Anjing

Ibro : "Naha Din lain Anjing teh haram ceuk urang Islam mah..."

Udin : "Ya iya laaah....na kunaon pake nanya kitu..?"

Ibro : "Tapi geuning pak haji jeung bu haji di kampung dewek mah ngaringu anakna, diusapan, dihuapan, komo nu masih leutik keneh mah malah sok sare bareng sagala..."

Udin : "Ah..!!! haji nanahaon nu kitu mah... dosa besar !!"

Ibro : "Maenya..?? kan nu diinguna ge anak pak haji keneh ..wew !!" bari lumpat

Udin : "??!!@#$"


Ditilang Bapa Polisi

Waktu eta teh s “Bedull" ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.

Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna

Bedul: "Ku naon pa abi di eureun keun??"
Polisi: "Arek mariksa"
Bedul : "Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA………..
Polisi: "lain eta maksud saya mah"
Bedul: "Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala"
Polisi: "Ari SIM na mana ??"
Bedul: "Oh eta maha bi can gaduh pa!"

Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM

Langsung maneh na eureun

Bedul: "Aya naon deui pa ??? SIM aya .... motor komplit Naon deui pa?"

Polisi: "maneh teu pakai helem... Kapaksa ku saya maneh di tilang..."

Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi

Bedul: "Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge"

Polisi: "Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???"

Bedul: "Ohhh euya ya... geuning aing boloho!"

Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan...

SeMeSan

Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.

Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"

Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."

Imat, "Haaahh...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"

Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."

Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"

Nini, "Bngung ah, teu nyararaho kuring mah."

Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."

Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"

Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!"

Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"

CARITA BODOR SUNDA

Hiji mangsa dina olimpiade JIN sadunia.....,

aya cabang olahraga nu ngarana Pa-Geude Geude Caduk alias Tai (punten ah rada awon saalit)

Tapi Anu Jadi Panilaiannana nyeta sing saha anu bisa ngaripuhkeun wasit nu dihandapna.... eta numenang..... (jadi pas Peserta Modol Teh, Taina Ditewak Kuwasit Nu dihandapna)

Salah Sahiji Finalisna nyaeta Jin Indonesia, nu asalna Ti Cirebon

Lawan na nyaeta Jin Amerika Jeung Jin Ti Arab.....

Bet Kompetisi Mulai Dimimitian Ku Jin Ti Amerika............

BROOOTTTTTT........, Jin Ti Amerika Ngaluarkeun Taina Sakuat Tanaga....., BLEG teh eta Tai Sagede Mobil Langsung Ditewak Ku Wasit...., Dihandapna......,

Ceuk Wasit...."Enteng Sakieu Mah... Masih Keneh Katewak Ku Aing...."

Kacaritakeun Jin Amerika Geus Pasti Euleh, Dur Mundur Eta Jin.... dituluykeun Ku Jin Ti Arab...

Jin Arab Langsung Maju Sabari Jeung Molotot.......

BREEEEETTTTTTTT......, Jin Arab Ngaluarkeun Tai Sabari Pepereketan......., BLEG.... eta Tai Sagede Gedung Bertingkat........, HEUP..... Langsung DItewak Deui Ku Wasit Dihandapna......

"Ceuk Jin Wasit....., Alah Sakieu Mah Uing Sanggup Keneh...... hok saha deui lah maju kadieu..." ceuk Jin Wasit Sabari Agul.....

Tah Ayeuna Giliran Jin Ti Indonesia.........,

Jin Ti Indonesia Langsung Maju Kahareup Sabari Jeng Umad Imed.......,

BOROSOOOOTTTTT.........., Jin Ti Indonesia Kaborosatan.... Teu Eureun - Eureun, Pedah Geus Teu Kuat Hayangeun Ngising......,

Ceuk Wasit dihandap....., "HEH ANYING NGGEUS ATUH AING KAHUJANAN YEUH DIHANDAP"

WAKAKAKAKAKAKAKKKKKKK......

(Punten Ah Kasadayana Caritana Rada Kasar Saalit)

nami na Ge Da bodor.
by....kikuk!!

0 komentar:

Posting Komentar